Sumpah nu laksana
BABAK 1
Dicaritakeun
dina hiji peuting , lumangsungna dina peuting jumaah aya hiji kulawarga anu
anyaraan nikah, anu lilana karek sabulan nyaeta ceu Cicih jeung kan Ciming
Ceu Cicih :
akang arek kamana geus peuting ayeuna teh ?
Kang
Ciming : jeuy ari eneng meuni kuat cerewet, hayang ngalobaan eta
karang. Akang teh rek nempo jaipong di lembur tonggoh, aya nu karyaan lain.
Ceu
Cicih : rek naon kang. ?? rek
nempo si nyai ronggeng anu ateul tea lain ?
Kang
Ciming : jeuy akang teh geus janjian
jeung babaturan, piraku teu jadi mah teu ngenaheun apanan. Moal jendil ieu atuh
neng akang balik nage moal peuting teuing iyeuh
Ceu
Cicih : atuh ari akang, yeuh
ayeuna teh malem jumaah mending di imah icing jeung eneng.
Akang
Ciming : jeuy ari eneng, meuni sok
nemen ah, ngke atuh mun akang balik nempo jaipongan we nyaa. Ayeuna akang
angkat heula. I miss you honey ( bari mangkat ninggalkeun pamajikana )
Brung
.. brung .. brung ..
Ceu
cicih : ih ari akang meuni
sok bisa wae, nya ath njung tong weungi teuing nya uwih na. I miss you too
akang. “ ih ari si akang meni sosweet
pisan nya” ( ngomong sabari mangkat kajero imah )
Saenggeus kitu kang Ciming
langsung mangkat, anu niatna rek nempo jaipong di lembur tonggoh tea. Padahal
mah kang Ciming teh ngabohong ka pamijakanna majar teh rek janjian jeung
babaturana tapi buktina maneh na mangkat sorangan.
“
gludug .. gluduug .. gludug “ (
sora guludug ujug-ujug datang cur weh
hujan teh turun )
Nyai
tinah : aduh kumaha atuh iyeu
geuning hujan, moal jadi meren manggung jaipong teh ( bari masang bengeut panik )
“kring..kring..kring..”
( sora hape nyi Tinah disada )
“haloo
pak” ( tinah ngajawab ) teu nyaho bapa eta teh ngomong naon ujug ujug Tinah
ngabales gancang siga nu panik
“aduh maaf atuh pak , Tinah teh kapegung hujan
di warung kopi, iyeu hujan na malah ngagedean tukang ojeg ge teu aya, kumaha
atuh pak kumaha ?? sigana tinah moal bisa manggung da pak ayeuna (Tinah
langsung mareuman HP)
Teu lila kadenge sora motor kang
Ciming anu ngangeurung , siga arek nyamperkeun Nyi Tinah.
Kang
Ciming : jeuy eta teh nyai nu Geulis
cameuntring tea lainnya? Gening sorangan wae,deukeutan ah lumayan meuning loba
yeuh.(sabari nyamperkeun Nyi Tinah)
~~
Kang
Ciming : neng.. geuning nyalira wae
? sanes bade tampil jaipong ?
Nyi
tinaH : puguh a, iyeu teh
kapegung jadi teu tiasa dongkap ka tempat karyaan
Kang
Ciming : jeuy kitu nya, bade di
jajapkeun moal ku aa ? bilih weungi manten neng.
Nyi
Tinah : tadi teh tos aya nu
ngebel ,cenah mah manggung na teu cios da hujan wae bari gulug dordar.
Kang
Ciming : Jeuy Hayu atuh neng,ku aa
dijajapkeun ka bumi upami manggung na teu cios mah.
Teu loba omong deui Nyi Tinah
gek diuk dina motor kang Ciming , bari nyeukeul ka pingping kang Ciming
,berengbeng weh langsung mangkat.
“Brung..
brung.. brung..” ( sora motor kang Ciming mangkat )
Nyi
Tinah : ntos a ntos didieu
wae, tuh bumi Tinah katingali ani warna mpink .
Kang
Ciming : jeuy oh eta bumi neng tinah
teh, ngkin aa nganjang kadinya wios ?
Nyi
tinah : ayeuna ge wios da a,
hayu ameng heula ka bumi Tinah.
Kang
Ciming : jeuy oh sae atuh ari kitu
mah, nya neng. ( kang Ciming langsung asup ka imah nyi Tinah bari euweuh sasaha
)
Didinya maraneh na langsung ngobrol
neupi ka teu inget waktu,( kong korongok )teu karasa mata poe geus moncorong di
beulah wetan. Sabarang aprok di warung kopi tea nyi Tinah jeung kang Ciming teh
jadi boga hubungan da bogoh pada bogoh.
Teu
karasa 6 Bulan saterusna, katempo pamajikan kang Ciming keur napian beas di
buruan imah bari ripuh da keur gede beuteung .
Bi
Cicih : heeh ayeuna mah
si akang teh geus beda, tara meurhatikeun deui, tara nyebut lope deui, ah boro
boro nyebut lope balik ge jarang ( bari
kukutumuk )
Bi
Nasih : ceu
keur naon, hayu suang ka pasar ah, teu boga dengeun sangu yeuh.
Bi
Cicih : hoream ah ceu.
Bi Nasih : ari eceu jamedut wae, geus nyangu
emang hayu buru ka pasar ( bari ngajeuwang lengeun bi Cicih )
Bi
Cicih : heueuh atuh
hayu.. ( neundeun tapian beas bari
nyokot loket ka jero imah )
Bi Nasih :
ari kang Ciming kamana wae , geuning tara katembong ceu ( bari leumpang mangkat
ka pasar )
Bi Cicih :
puguh ceu, uing ge mikiran wae kang ciming nu teu daekeun balik caba gedeu
beteng, kedeung deui ngajuru , duit can boga.
Bi
nasih : heueh ceu kumaha
da ngaranage salaki kudu neangan duit. ( bari ngusapan tak tak )
Bi
Cicih : ( bi Cicih
ngahuleung teu puguh )
Bi
nasih : hor .. hor ari itu
nu di motor kang Ciming lain bari mawa awewe keur gede beuteung
Bi
cicih : mana ceu mana ??
( reuwas ) astagfirullah ari eta bener kang Ciming.
Bi
Nasih :
hayu suang tuturkeun, hayang nyaho na eta awewe teh saha ?
Saengeeus motor kang Ciming
ereun di imah nyi Tinah, bi Cicih langsung nyamperkeun bari ambek
Bi
Cicih : heh ari sia
manyut awewe saha eta, geuning si ronggeng nu ateul tea ? ( bari nunjuk jeung
ambek ka nyi Tinah)
Nyi
Tinah :naon maksudna eta ateul
ateul emang aing teh daun pulus. Heh iyeu teh salaki aing
Bi
cicih : naon maksudna
puguh eta salaki aing.
Nyo
tinah : ngeunah weh ngomong
teh, ngomong atuh kang ngomong tong icing wae.
Kang
Ciming : punten neng, ieu teh
pamajikan akang anu anyar
Bi
Cicih : ari akang meuni
tega, tega, neng teh koh keur gede beuteung. Geus ari kitu carana mah nggeusan
weh nepi didieu rumah tangga teh.
Kang
Ciming : nggeus ari kitu kahayang
neng mah. Teu kudu loba omong deui di
talak 3 ayeuna ge( langsung asup ngajeuwang nyi Tinah )
Bi cicih : ari akang dimana hate
akang, dimana akang dimana ?? ( bari ngagedor panto )
Bi
Nasih :
nggeus bi hayu suang balik. Era ku batur hayu balik balik
Bi
Cicih : kedeung ceu, . “
akang, ku aing sumpahkeun eta anak anu bijil di beuteung si ateul sing teh
budeug “ ( bari ngagorowok tarik )
“Guludug
dor dar”
BABAK 2
Teu karasa geus 13 taun, budak
nu di jero beuteung Nyi Tinah jeung bi Cicih geus gede, anak na Nyi tinah teh
awewe anu di bere ngaran Limah,ngan ari anak na ceu Cicih mah lalaki di bere
ngaran enjang. Neng Limah anak na Nyi Tinah teh boga rupa anu alus ngan hiji
kakurangan na nyaeta budeg da eta akibat sumpah ti ceu Cicih.teu kahaja neng
Limah jeung si Enjang teh sakola di hiji
skolaan anu sarua
Di hiji poe,pas istirahat si
enjang jeung dua sobatna nyaeta si endang jeung si cecep keur ngobrol.
Endang
:”
jang, aya awewe geulis siah ngaran na si Limah. Ngan eta budak budeg na teu
katulungan.”
Cecep
: “ah si Enjang mah moal bisa meunang keun si Limah iyeuh,budak cicingan kitu
moal ge daekeun jeung maneh mah jang.”
Enjang
: “ari sia mah meni ngarece kaaing
teh,teu nempo sugan iyeu rupa aing meni geus mirip afgan kiyeu.dah tiwang budak
budeg babari sia teh.”
Cecep
:” ah bener siah ????lamun sia bisa
meunangkeun si Limah eta ku aing bere duit yeuh 100 rebu.”
Endang
:” hayu jang bukti keun.lumayan tah duit 100 rebu.dah tiwang budak budeg.”
Enjang :” hayu siap aing mah.tempo keun weh.”
Endang : “hayu sip urang mah dek ngalalajoan weh,cep
anteur ka WC yu..aya panggilan alam yeuh..
Cecep : jeyy goreng, tungtungna hayu atuh..
Cecep
jeung endang mangakat ka WC,ari si enjang mah keur mikirkeun cara ngadeukeutan
neng limah.teu lila aya neng limah liwat hareupeun si enjang.”
Enjang :” Lim.Lim. Limah ? (10 balen si enjang
ngagoroan neng Limah karek ngalieuk)”
Limah
: “aya naon ?emang ari maneh teh saha ? so kenal ngagoroan urang.”
Enjang :”urang enjang.urang dek menta nomer hp
maneh.”
Limah
:”hah ? maneh mah ngomong teh kos kitu haharewosan.”
Enjang : aihh..saha nu haharewosan,aing ngomong
meni geus tarik. nyaan budeg teh teh iyeu mah.urang menta nomer hp Limah !!!.
Limah
: oooohh...naon??
Enjang :nomer hp,nomer hp??
Limah : oohh ngomong atuh ti tadi.(bari nulis nomer
hp na jeung langsung di berekeun ka si enjang)
Enjang : nomer hp na cantik,kawas Limah.(rada
kapaksa)
Teu lila Lilis sobat na neng
limah aya nyampeurkeun
Lilis
: limah keur naon di diyeu?
Limah
: bade kakelas.
Lilis
:nya hayu cuang ka kelas bereng( leuwih tarik ngomongna,sabari ngajeuwang
leungeuna neng Limah.
Enjang
: dih aing di tinggal keun( sabari mangkat ka kelasna)
Sabarang enjang menta nomer hp neng
Limah,marenehna sering telponan,sanajan neng Limah tara nyambung oge. Enjang
sabar da lantaran dek ngabuktikeun omongan manehna ka si endang jeung si cecep
. pas neng Limah keur icing di kelas jeung si Lilis, Amah jeung Emih nyampereun
bari ambek
Amah : heeh B U D E G. Budegg
...... ( ngagoroan leuwih ti 5 kali ka si Limah )
Emih : weuuy.. denge teu sih
babaturan urang ngagoroan maneh oge Limah.
Lilis : ntong sok sengar
sengor ka babaturan urang ath, ceunah geulis geuning teu gableg kasopanan.
Limah : aya naon sih ieu teh Lilis
?
Amah
: Ari maneh limah ,
budeug teh meuni kabina-bina teuing , untung budeug mun bau conge (bari
seserian jeung si Emih).
Emih
: heh , lain mun bau
conge , tapi mun conge mah bau ( ngaharewos)
Amah
: ahhh naon weh eta mah
sabarodo teuing , rek bau ke , rek seungit ke ah sabodo. Eh maneh Limah , majar
sok smssan atawa sok telponan jeung ayang Enjang. Bener teu ? ( bari masang
bengeut sinis )
Emih : kumaha caritana nya
budeug telponan, asa ku lucu
Lilis : ari maneh, naon
masalah na sih jeung maneh ? nya eta mah urusan si Endang jeung si Limah atuh.
Limah : ntos ntos lis ntong
pasea, emang pasea masalah naon kitu ? (
bingung )
Lilis : jeuy lim. Si amah jeung si amih teh keur ngomongkeun
maneh.
Amah :geus ah moal nyambung ngomong jeung nu budeg
mah. Yeuh Lis dengekeun ku gegeber bejakeun ka babaturan maneh anu budeg eta
ntong sakali kali deui ngadekeutan ayang Enjang urang, tempokeun ( popolotot )
Emih : awas maneh. ( bari mangkat ninggalkeun si
Limah jeung si Lilis )
Lilis : hayu lim suang ka kelas urang rek ngomong.
( ngajeuwang leungeun Limah )
Limah : hah ka kantin hayu imah hayang eueut haus.
Lilis : Limaaahhh.... ka kelas lain ka kantin (
bari ngagorowok )
Limah : hayu atuh hayu ka kelas
Ayeuna hubungan Enjang jeung
Limah lain mah ngajauh tapi malah, makin deukeut wae,dina malam minggu biasa na
anak remaja sok arulin,iwal ti Limah,ngan eta mah bareto,ayeuna mah Limah ge ulin
jeung enjang.
Limah
: mah, mah, mah,mamah,kumaha iyeu
neng tos geulis acan?
Nyi
tinah : bade ka mana atuh meni tos
geulis kiyeu?
Limah
: ari si mamah neng tos dandan 2 jam,meni
nyebut biasa wae.
Nyi
tinah :neng Limah anu
geulis,geulis pisan.
Limah
:ah nyaentos atuh ari ceuk mamah
biasa wae mah,da ari ceuk neng mah tos geulis.mah neng bade ameng.
Nyi
tinah : ameng ka mana?
Limah
:ari mamah piraku neng tos dandan
meni ulah angkat ulin
Nyi
tinah : neng dangukeun mamah ! bade ameng ka mana?
Limah
: hah?mamah atuh nyariosna
ageungan..
Nyi
Tinah : bade ameng kamana neng
geulis?(leuwih tarik)
Limah
: ehh bade ameng kapayun mah
.biasa bade jalan.heheh
Nyi
tinah : sareng saha ?
Limah
: sareng a enjang mah,
rerencangan cakeut di sakola
Nyi tinah :
oh kitu, nya ntos uwih na tong wengi teuing nya neng.
Limah
: nya mah
Teu lila aya nu nyebut salam
bari ngetok imah.
Enjang : assalamualikum.
Kang
ciming : walikumsalam, tuh neng sigana
rerencangan neng nyamper, kaluar nam
Limah : nya apa, ( bari mangkat
nyamperkeun Enjang )
Enjang : ih neng Limah ku geulis sih.
Makin bogoh da Enjang.
Limah : piraku imah ntos dandan
kieu disebut goreng enjang ( bari camedut )
Enjang : sanes goreng, enjang tadi
nyariosss GEULIS ( bari ngomong
ngadeukeutan ceuli Limah )
Limah : emang atuh Limah teh da
geulis, tadi ge mamah nyarios geulis ka Limah. Eh ayeuna bade kamana atuh
Enjang ameng na.
Enjang : ameng ka rorompok Enjang,
Enjang bade ngeunalkeun Limah ka kolot Enjang.
Limah : oh enya hayu bade emam di
warteg mah.
Enjang : gustii.. ka bumi enjang
Limah sanes ka warteg.
Limah : hehe. Nya maaf Enjang
nyarios na lalaunan tuda, hayu ath bisi kaweungian teuing.
keur basa di jalan, Amah jeung Emih nempoeun Enjang jeung Limah leumpang
duaan bari sosonoan.
Emih : eh eh ari itu si Budeug
tea lain, balagu kitu ning leumpang jeung lalaki.
Amah : euleuh geuning heueuh si
Budeg, gening jeung ayang enjang.
Emih :hayu ah suang samperkeun,
makin nyalutak wae eta budak teh.
Amah
: hayu ku aing
samperkeun eta budak. Wawaniannan leumpang duaan jeung ayang enjang. (nyampeurkeun
limah jeung enjang)
Amah
: ayang enjang keur
naon duduaan jeung si budeg,? Kade tah budeg na tepa ka ayang .heh budeg maneh
wawanian ngadeukeutan ayang enjang.
Limah
:amah bade ngiring ?
hayu atuh sareng.
Amah
: ampuuunn,sudi teuing
urang kudu leumpang bareng jeung maneh.ke urang anu cetar membahana kiyeu jadi
budeg ,kan teu lucu.!!
Enjang
: geus limah tong di
dengekeun si amah mah, yeuh amah ayeuna mah si limah geus jadi kabogoh urang
jadi maneh ulah wawanian ngaledek si limah deui. Jeung hiji deui maneh ulah
ulah sakali-kali deui nyebut urang ayang.
Amah
: OMG hellow, ari ayang
meni kitu ih,sakit nya tuh disini ayang,
hayu ah mih cuang mangkat, ayang TEGA (sabari mangkat jeung si emih)
Enjang
: Limah hayu ah cuang
tepikeun ka bumi enjang.
Limah
:ya allah ari enjang
ayeuna tos jauh,praku kudu balik deui. Enjang mah kitu.
Enjang
: limah sayang,hayu cuang tepikeun ka bumi enjang.(leuwih tarik)
Limah
:ehh, nya hayu.(sabari
mangakat)
Isukanna
deui, aya acara rapat kolot murid di sakola,
sakabeh kolot murid daratang da erek ngomongkeun maslah samen tea.
Endang :
wooy, duduaan wae. Mana kolot maneh?
Cecep :uuh gaya euy enjang, kadiyeu
heula urang rek ngomong!
Enjang :
naon sih ah, ngaganggu wae, rek ngomongnaon emang ?
Cecep :jeuy
kadiyeu heula aya bisnis.(bari mangkat)
Lilis :
limah, mana indung maneh? Indung urang geus nungguan di ditu.
Limah :
hah?
Lilis :
jang ku urang di bawa heula nya si limahna.
Enjang :heeh
lis,kadenya.
Cecep :
kumah yeuh,geus jadi can jeung limah, siga nateh geus jadi euy.
Enjang :
heeh geus jadi.
Cecep :widih,
hebat lah enjang mah. Geus moal kuat yeuh atuh duit tea, urang pan boga janji
ka maneh .
Enjang :jeuy
nggeus cep, teu kudu, urang geus bogoh beneran ka limah na.
Cecep : hoh, geuning bisa kitu jang ?
Enjang :
teuing cep urang ajdi nyaah ka si limah euy.
Amah :
ayang enjang ...hehe. ke mun samen nyanyi bareng amah nya, beh so sweet.
Enjang :
ihh. nanaonan sih embung ah ngerakeun.
Emih :
heeh jang weh, ke amah jeung enjang. Emih jeung cecep.hehe
Cecep :heeh
bener tah jang hayu suang duet.
Enjang :
ah naon sih cep,hayu ah suang ka kantin lapar yeuh..!
Amah :
jeuy ayang mah kitu tega wae ka amah teh, nya ntos atuh ahayu ah suang mangkat
mih.
Saenggeus rapat buyar teu kahaja bi Cicih
nempoeun nyi Tinah jeung limah keur leumpang duaan.
Bi Cicih :eh, itu siga si ronggeng anu
ateul tea lain ? geuning jeung si
limah?sahana nya? Boa-boa anakna.
Bi Nasih :oge
neng eta teh babaturan anak urang !oh eta teh kabogoh si enjang. Wah jadi besan
yeuh ceu.
Bi Cicih :
sudi teuing aing kudu bebesanan jeung awewe ateul.
Bi Nasih :
jeuy ulah sok kitu ceu.
Bi Cicih :
ceu ku urang dek disampeur keun heulanya.
Bi Nasih :
heeh atuh ceu urang amh rek balik.
(Bi Cicih neangna si Enjang)
Bi Cicih langsung nyampeurkeun Nyi
Tinah jeung limah anu ker nungguan anu neang.
Bi Cicih : oh eta anak maneh teh,anu
nang hasil salinkuhan jeung salaki aing teh.dasar awewe ateul.
Nyi Tinah : geus atuh ceu anu baheula mah
geus teu kudu di ungkit-ungkit deui,ayeuna mah ayeuna weh.
Enjang : jeuy mah sabar, aya naon
sabenerna iyeu teh, da enjang mah teu ngarti.
Limah :Allhamdulillah gening mamah
saren mamah na enjang teh tos alakrab.
Enjang : jeuy ari limah, puguh keur pasea.
Malah Alhamdulillah. Tos kiyeu weh ayeuna mah mah, ayeuna sok ku mamah
jelaskeun ka enjang naon masalah na?
Bi Cicih : yeuh jang , dengekeun ku maneh.
Mamahna si Limah teh baheula salingkuhan na apa maneh .anu nyieun mamah jeung
apa maneh pepegatan.tah ayeuna teh maneh jeung si liamh teh sa bapak.
Enjang : Astagfirullah, anu bener eta teh
mah gening apa ku tega ka mamah. Hapunten enjang mamah.
Teu lila motor kang Cimin datang anu niat na rek
neang Nyi tinah jeung Limah.
Kang Ciming : hoh geuning aya cicih ?
Bi Cicih : ulah so reuwas kitu, urang karek
nyaho si limah teh anak maneh jeung tinah kang.
Kang Ciming : heeh geus atuh ayeuna mah ulah parasea
wae. Urang suang ngahiji deui suang bareng bareng hirup deui jeung si tinah
jeung akang, ngewa ari kudu pasea wae mah. Ayeuna anak urang geus galede
kabeh,sok hayu gedekeun bareng-bareng.
Bi Cicih :heeh emang nage kang, tapi ayeuna
si enjang malah bobogohan jeung si limah , dua-dua nage anak maneh kang.
Kang Ciming : geus ayeuna mah enjang putuskeun limah, da
maneh duaan teh adi lanceuk, pamali.
Enjang :enya pak, enjang ge ngarti.
Limah :hah naon jang ? hubungan urang
duaan direstuan Alhamdulillah.
Enjang : Astagfirullah
Kang Ciming :yeuh neng, manehh jeung enjang teh adi
lanceuk jadi pamali ulah bobogohan jeung dulur.
Limah :
eleuh apa anu bener? Urang sedih ntong nya?
Nyi Tinah : enya neng, neng teh adi lanceukjeung
enjang.
Kang Ciming : geus ayeuna mah sok babageuran ulah sok
parasea wae. Ngewa geus karolot,heeh akang sadar akang salah , ayeuna mah hayu
suang gedekeun budakkeun budak anak masing-masing ceuna nepi ka sukses jeung
meunangkeun jodona masing-masing.
Bi Cicih jeung Nyi Tinah :enya akang ( bari nangkeup)
Limah jeung Enajng :enya apa .
TAMAT
UNSUR INTRINSIk
1.TEMA = kahirupan kaluarga
2. LATAR
·
WAKTU
Peuting (Dicaritakeun dina hiji peuting
, lumangsungna dina peuting jumaah aya hiji kulawarga anu anyaraan nikah, anu
lilana karek sabulan nyaeta ceu Cicih jeung kan Ciming)
Isuk (Didinya
maraneh na langsung ngobrol neupi ka teu inget waktu,( kong korongok )teu
karasa mata poe geus moncorong di beulah wetan.)
Beurang
( Di hiji poe,pas istirahat si enjang jeung dua sobatna nyaeta si endang
jeung si cecep keur ngobrol. )
·
TEMPAT
Warung
kopi (Sabarang aprok di warung kopi tea nyi Tinah jeung kang Ciming teh
jadi boga hubungan da bogoh pada bogoh.)
Imah nyi Tinah (Nyi Tinah :
ntos a ntos didieu wae, tuh bumi Tinah katingali ani warna mpink .)
Imah
Bi cicih (Teu karasa 6 Bulan saterusna, katempo pamajikan kang Ciming keur
napian beas di buruan imah bari ripuh da keur gede beuteung .)
Sakolaan
(Isukanna deui, aya acara rapat kolot murid di sakola, sakabeh kolot murid daratang da erek
ngomongkeun maslah samen tea.)
Kelas (. pas neng Limah keur icing di kelas jeung si Lilis, Amah
jeung Emih nyampereun bari ambek)
3. TOKOH
·
NYI TINAH
·
KANG CIMING
·
BI CICIH
·
BI NASIH
·
LIMAH
·
ENJANG
·
ENDANG
·
CECEP
·
LILIS
·
AMAH
·
EMIH
4. PANOKOHAN
·
NYI TINAH = ronggeng ateul
·
KANG CIMING
= babari kagoda ku awewe
·
BI CICIH = bageur. Ngan babari ngambek
·
BI NASIH
= bageur
·
LIMAH = budeg
·
ENJANG = bageur
·
ENDANG = bageur
·
CECEP = bageur
·
AMAH = galak, loba laga, jeung
jendil
·
EMIH = sarua jeung amah. Da babaturanna
·
LILIS = bageur
5. ALUR = Alur maju mundur
6. AMANAT
·
Sing sakumaha geuleuh ka jelema ulah sok
nyumpahkeun. Kusabab bisi ka tulah.