bom atom

Sumber : http://thekampoengblogger.blogspot.com/2013/03/30-efek-blog-paling-dicari-oleh-blogger.html#ixzz4383ARv4n

Rabu, 16 Maret 2016

contoh drama sunda



Sumpah nu laksana

BABAK 1
                Dicaritakeun dina hiji peuting , lumangsungna dina peuting jumaah aya hiji kulawarga anu anyaraan nikah, anu lilana karek sabulan nyaeta ceu Cicih jeung kan Ciming
Ceu Cicih              : akang arek kamana geus peuting ayeuna teh ?
Kang Ciming       : jeuy ari eneng  meuni kuat cerewet, hayang ngalobaan eta karang. Akang teh rek nempo jaipong di lembur tonggoh, aya nu karyaan lain.
Ceu Cicih              : rek naon kang. ?? rek nempo si nyai ronggeng anu ateul tea lain ?
Kang Ciming       : jeuy akang teh geus janjian jeung babaturan, piraku teu jadi mah teu ngenaheun apanan. Moal jendil ieu atuh neng akang balik nage moal peuting teuing iyeuh
Ceu Cicih              : atuh ari akang, yeuh ayeuna teh malem jumaah mending di imah icing jeung eneng.
Akang Ciming     : jeuy ari eneng, meuni sok nemen ah, ngke atuh mun akang balik nempo jaipongan we nyaa. Ayeuna akang angkat heula. I miss you honey ( bari mangkat ninggalkeun pamajikana )
Brung .. brung .. brung ..
Ceu cicih              : ih ari akang meuni sok bisa wae, nya ath njung tong weungi teuing nya uwih na. I miss you too akang.  “ ih ari si akang meni sosweet pisan nya” ( ngomong sabari mangkat kajero imah )
                Saenggeus kitu kang Ciming langsung mangkat, anu niatna rek nempo jaipong di lembur tonggoh tea. Padahal mah kang Ciming teh ngabohong ka pamijakanna majar teh rek janjian jeung babaturana tapi buktina maneh na mangkat sorangan.
“ gludug .. gluduug .. gludug “  ( sora  guludug ujug-ujug datang cur weh hujan teh turun )
Nyai tinah            : aduh kumaha atuh iyeu geuning hujan, moal jadi meren manggung  jaipong teh ( bari masang bengeut panik )
“kring..kring..kring..” ( sora hape nyi Tinah disada )
“haloo pak” ( tinah ngajawab ) teu nyaho bapa eta teh ngomong naon ujug ujug Tinah ngabales gancang siga nu panik
 “aduh maaf atuh pak , Tinah teh kapegung hujan di warung kopi, iyeu hujan na malah ngagedean tukang ojeg ge teu aya, kumaha atuh pak kumaha ?? sigana tinah moal bisa manggung da pak ayeuna (Tinah langsung mareuman HP)
                Teu lila kadenge sora motor kang Ciming anu ngangeurung , siga arek nyamperkeun Nyi Tinah.
Kang Ciming       : jeuy eta teh nyai nu Geulis cameuntring tea lainnya? Gening sorangan wae,deukeutan ah lumayan meuning loba yeuh.(sabari nyamperkeun Nyi Tinah)
~~
Kang Ciming       : neng.. geuning nyalira wae ? sanes bade tampil jaipong ?
Nyi tinaH              : puguh a, iyeu teh kapegung jadi teu tiasa dongkap ka tempat karyaan
Kang Ciming       : jeuy kitu nya, bade di jajapkeun moal ku aa ? bilih weungi manten neng.
Nyi Tinah             : tadi teh tos aya nu ngebel ,cenah mah manggung na teu cios da hujan wae bari gulug dordar.
Kang Ciming       : Jeuy Hayu atuh neng,ku aa dijajapkeun ka bumi upami manggung na teu cios mah.
                Teu loba omong deui Nyi Tinah gek diuk dina motor kang Ciming , bari nyeukeul ka pingping kang Ciming ,berengbeng weh langsung mangkat.
“Brung.. brung.. brung..” ( sora motor kang Ciming mangkat )
Nyi Tinah             : ntos a ntos didieu wae, tuh bumi Tinah katingali ani warna mpink .
Kang Ciming       : jeuy oh eta bumi neng tinah teh, ngkin aa nganjang kadinya wios ?
Nyi tinah              : ayeuna ge wios da a, hayu ameng heula ka bumi Tinah.
Kang Ciming       : jeuy oh sae atuh ari kitu mah, nya neng. ( kang Ciming langsung asup ka imah nyi Tinah bari euweuh sasaha )
                Didinya maraneh na langsung ngobrol neupi ka teu inget waktu,( kong korongok )teu karasa mata poe geus moncorong di beulah wetan. Sabarang aprok di warung kopi tea nyi Tinah jeung kang Ciming teh jadi boga hubungan da bogoh pada bogoh.
Teu karasa 6 Bulan saterusna, katempo pamajikan kang Ciming keur napian beas di buruan imah bari ripuh da keur gede beuteung .
Bi Cicih                  : heeh ayeuna mah si akang teh geus beda, tara meurhatikeun deui, tara nyebut lope deui, ah boro boro nyebut lope balik ge jarang  ( bari kukutumuk )
Bi Nasih                                : ceu keur naon, hayu suang ka pasar ah, teu boga dengeun sangu yeuh.
Bi Cicih                  : hoream ah ceu.
Bi Nasih                                : ari eceu jamedut wae, geus nyangu emang hayu buru ka pasar ( bari ngajeuwang       lengeun bi Cicih )
Bi Cicih                  : heueuh atuh hayu..      ( neundeun tapian beas bari nyokot loket ka jero imah )
Bi Nasih                                : ari kang Ciming kamana wae , geuning tara katembong ceu ( bari leumpang mangkat ka pasar )
Bi Cicih                  : puguh ceu, uing ge mikiran wae kang ciming nu teu daekeun balik caba gedeu beteng, kedeung deui ngajuru , duit can boga.
Bi nasih                 : heueh ceu kumaha da ngaranage salaki kudu neangan duit. ( bari ngusapan tak tak )
Bi Cicih                  : ( bi Cicih ngahuleung teu puguh  )
Bi nasih                 : hor .. hor ari itu nu di motor kang Ciming lain bari mawa awewe keur gede beuteung
Bi cicih                   : mana ceu mana ?? ( reuwas ) astagfirullah ari eta bener kang Ciming.
Bi Nasih                                : hayu suang tuturkeun, hayang nyaho na eta awewe teh saha ?
                Saengeeus motor kang Ciming ereun di imah nyi Tinah, bi Cicih langsung nyamperkeun bari ambek
Bi Cicih                  : heh ari sia manyut awewe saha eta, geuning si ronggeng nu ateul tea ? ( bari nunjuk jeung ambek ka nyi Tinah)
Nyi Tinah             :naon maksudna eta ateul ateul emang aing teh daun pulus. Heh iyeu teh salaki aing
Bi cicih                   : naon maksudna puguh eta salaki aing.
Nyo tinah            : ngeunah weh ngomong teh, ngomong atuh kang ngomong tong icing wae.
Kang Ciming       : punten neng, ieu teh pamajikan akang anu anyar
Bi Cicih                  : ari akang meuni tega, tega, neng teh koh keur gede beuteung. Geus ari kitu carana mah nggeusan weh nepi didieu rumah tangga teh.
Kang Ciming       : nggeus ari kitu kahayang neng mah. Teu kudu loba omong deui  di talak 3 ayeuna ge( langsung asup ngajeuwang nyi Tinah )
Bi cicih                   : ari akang dimana hate akang, dimana akang dimana ?? ( bari ngagedor panto )
Bi Nasih                                : nggeus bi hayu suang balik. Era ku batur hayu balik balik
Bi Cicih                  : kedeung ceu, . “ akang, ku aing sumpahkeun eta anak anu bijil di beuteung si ateul sing teh budeug “ ( bari ngagorowok tarik )
“Guludug dor dar”



BABAK 2
                Teu karasa geus 13 taun, budak nu di jero beuteung Nyi Tinah jeung bi Cicih geus gede, anak na Nyi tinah teh awewe anu di bere ngaran Limah,ngan ari anak na ceu Cicih mah lalaki di bere ngaran enjang. Neng Limah anak na Nyi Tinah teh boga rupa anu alus ngan hiji kakurangan na nyaeta budeg da eta akibat sumpah ti ceu Cicih.teu kahaja neng Limah jeung  si Enjang teh sakola di hiji skolaan anu sarua
                Di hiji poe,pas istirahat si enjang jeung dua sobatna nyaeta si endang jeung si cecep keur ngobrol.
Endang                     :” jang, aya awewe geulis siah ngaran na si Limah. Ngan eta budak budeg na teu katulungan.”
Cecep : “ah si Enjang mah moal bisa meunang keun si Limah iyeuh,budak cicingan kitu moal ge daekeun jeung maneh mah jang.”
Enjang  : “ari sia mah meni ngarece kaaing teh,teu nempo sugan iyeu rupa aing meni geus mirip afgan kiyeu.dah tiwang budak budeg babari sia teh.”
Cecep  :” ah bener siah ????lamun sia bisa meunangkeun si Limah eta ku aing bere duit yeuh 100 rebu.”
Endang :” hayu jang bukti keun.lumayan tah duit 100 rebu.dah tiwang budak budeg.”
Enjang   :” hayu siap aing mah.tempo keun weh.”
Endang  : “hayu sip urang mah dek ngalalajoan weh,cep anteur ka WC yu..aya panggilan alam yeuh..
Cecep     : jeyy goreng,  tungtungna hayu atuh..
                Cecep jeung endang mangakat ka WC,ari si enjang mah keur mikirkeun cara ngadeukeutan neng limah.teu lila aya neng limah liwat hareupeun si enjang.”
Enjang   :” Lim.Lim. Limah ? (10 balen si enjang ngagoroan neng Limah karek ngalieuk)”
Limah : “aya naon ?emang ari maneh teh saha ? so kenal ngagoroan urang.”
Enjang   :”urang enjang.urang dek menta nomer hp maneh.”
Limah :”hah ? maneh mah ngomong teh kos kitu haharewosan.”
Enjang   : aihh..saha nu haharewosan,aing ngomong meni geus tarik. nyaan budeg teh teh iyeu mah.urang menta nomer hp Limah !!!.
Limah : oooohh...naon??
Enjang   :nomer hp,nomer hp??
Limah  : oohh ngomong atuh ti tadi.(bari nulis nomer hp na jeung langsung di berekeun ka si enjang)
Enjang  : nomer hp na cantik,kawas Limah.(rada kapaksa)            
                Teu lila Lilis sobat na neng limah aya nyampeurkeun
Lilis : limah keur naon di diyeu?
Limah : bade kakelas.
Lilis :nya hayu cuang ka kelas bereng( leuwih tarik ngomongna,sabari ngajeuwang leungeuna  neng Limah.
Enjang : dih aing di tinggal keun( sabari mangkat ka kelasna)
          Sabarang enjang menta nomer hp neng Limah,marenehna sering telponan,sanajan neng Limah tara nyambung oge. Enjang sabar da lantaran dek ngabuktikeun omongan manehna ka si endang jeung si cecep . pas neng Limah keur icing di kelas jeung si Lilis, Amah jeung Emih nyampereun bari ambek
Amah                    : heeh B U D E G. Budegg ...... ( ngagoroan leuwih ti 5 kali ka si Limah )
Emih                      : weuuy.. denge teu sih babaturan urang ngagoroan maneh oge Limah.
Lilis                         : ntong sok sengar sengor ka babaturan urang ath, ceunah geulis geuning teu gableg kasopanan.
Limah                    : aya naon sih ieu teh Lilis ?
Amah                    : Ari maneh limah , budeug teh meuni kabina-bina teuing , untung budeug mun bau conge (bari seserian jeung si Emih).
Emih                      : heh , lain mun bau conge , tapi mun conge mah bau ( ngaharewos)
Amah                    : ahhh naon weh eta mah sabarodo teuing , rek bau ke , rek seungit ke ah sabodo. Eh maneh Limah , majar sok smssan atawa sok telponan jeung ayang Enjang. Bener teu ? ( bari masang bengeut sinis )
Emih                      : kumaha caritana nya budeug telponan, asa ku lucu
Lilis                         : ari maneh, naon masalah na sih jeung maneh ? nya eta mah urusan si Endang jeung si Limah atuh.
Limah                    : ntos ntos lis ntong pasea,  emang pasea masalah naon kitu ? ( bingung )
Lilis                         : jeuy lim.  Si amah jeung si amih teh keur ngomongkeun maneh.
Amah                    :geus ah moal nyambung ngomong jeung nu budeg mah. Yeuh Lis dengekeun ku gegeber bejakeun ka babaturan maneh anu budeg eta ntong sakali kali deui ngadekeutan ayang Enjang urang, tempokeun ( popolotot )
Emih                      : awas maneh. ( bari mangkat ninggalkeun si Limah jeung si Lilis )
Lilis                         : hayu lim suang ka kelas urang rek ngomong. ( ngajeuwang leungeun Limah )
Limah                    : hah ka kantin hayu imah hayang eueut haus.
Lilis                         : Limaaahhh.... ka kelas lain ka kantin ( bari ngagorowok )
Limah                    : hayu atuh hayu ka kelas
                Ayeuna hubungan Enjang jeung Limah lain mah ngajauh tapi malah, makin deukeut wae,dina malam minggu biasa na anak remaja sok arulin,iwal ti Limah,ngan eta mah bareto,ayeuna mah Limah ge ulin jeung enjang.
Limah              : mah, mah, mah,mamah,kumaha iyeu neng tos geulis acan?
Nyi tinah        : bade ka mana atuh meni tos geulis kiyeu?
Limah              : ari si mamah neng tos dandan 2 jam,meni nyebut biasa wae.
Nyi tinah        :neng Limah anu geulis,geulis pisan.
Limah               :ah nyaentos atuh ari ceuk mamah biasa wae mah,da ari ceuk neng mah tos geulis.mah neng bade ameng.
Nyi tinah          : ameng ka mana?
Limah                :ari mamah piraku neng tos dandan meni ulah angkat ulin
Nyi tinah          : neng  dangukeun mamah ! bade ameng ka mana?
Limah                : hah?mamah atuh nyariosna ageungan..
Nyi Tinah          : bade ameng kamana neng geulis?(leuwih tarik)
Limah                 : ehh bade ameng kapayun mah .biasa bade jalan.heheh
Nyi tinah              : sareng saha ?
Limah                    : sareng a enjang mah, rerencangan cakeut di sakola
Nyi  tinah             : oh kitu, nya ntos uwih na tong wengi teuing nya neng.
Limah                    : nya mah
                Teu lila aya nu nyebut salam bari ngetok imah.
 Enjang           : assalamualikum.
Kang ciming  : walikumsalam, tuh neng sigana rerencangan neng nyamper, kaluar nam
Limah                    : nya apa, ( bari mangkat nyamperkeun Enjang )
Enjang                  : ih neng Limah ku geulis sih. Makin bogoh da Enjang.
Limah                    : piraku imah ntos dandan kieu disebut goreng enjang ( bari camedut )
Enjang                  : sanes goreng, enjang tadi nyariosss  GEULIS ( bari ngomong ngadeukeutan ceuli Limah )
Limah                    : emang atuh Limah teh da geulis, tadi ge mamah nyarios geulis ka Limah. Eh ayeuna bade kamana atuh Enjang ameng na.
Enjang                  : ameng ka rorompok Enjang, Enjang bade ngeunalkeun Limah ka kolot Enjang.
Limah                    : oh enya hayu bade emam di warteg mah.
Enjang                  : gustii.. ka bumi enjang Limah sanes ka warteg.
Limah                    : hehe. Nya maaf Enjang nyarios na lalaunan tuda, hayu ath bisi kaweungian teuing.
                keur basa di jalan, Amah jeung  Emih nempoeun Enjang jeung Limah leumpang duaan bari sosonoan.
Emih                      : eh eh ari itu si Budeug tea lain, balagu kitu ning leumpang jeung lalaki.
Amah                    : euleuh geuning heueuh si Budeg, gening jeung ayang enjang.
Emih                      :hayu ah suang samperkeun, makin nyalutak  wae eta budak teh.
Amah                    : hayu ku aing samperkeun eta budak. Wawaniannan leumpang duaan jeung ayang enjang. (nyampeurkeun limah jeung enjang)
Amah                    : ayang enjang keur naon duduaan jeung si budeg,? Kade tah budeg na tepa ka ayang .heh budeg maneh wawanian ngadeukeutan ayang enjang.
Limah                    :amah bade ngiring ? hayu atuh sareng.
Amah                    : ampuuunn,sudi teuing urang kudu leumpang bareng jeung maneh.ke urang anu cetar membahana kiyeu jadi budeg ,kan teu lucu.!!
Enjang                  : geus limah tong di dengekeun si amah mah, yeuh amah ayeuna mah si limah geus jadi kabogoh urang jadi maneh ulah wawanian ngaledek si limah deui. Jeung hiji deui maneh ulah ulah sakali-kali deui nyebut urang ayang.
Amah                    : OMG hellow, ari ayang meni kitu ih,sakit  nya tuh disini ayang, hayu ah mih cuang mangkat, ayang TEGA (sabari mangkat jeung si emih)
Enjang                  : Limah hayu ah cuang tepikeun ka bumi enjang.
Limah                    :ya allah ari enjang ayeuna tos jauh,praku kudu balik deui. Enjang mah kitu.
Enjang                  : limah sayang,hayu  cuang tepikeun ka bumi enjang.(leuwih tarik)
Limah                    :ehh, nya hayu.(sabari mangakat)
                Isukanna deui, aya acara rapat kolot murid di sakola,  sakabeh kolot murid daratang da erek ngomongkeun maslah samen tea.
Endang                 : wooy, duduaan wae. Mana kolot maneh?
Cecep                   :uuh gaya euy enjang, kadiyeu heula urang rek ngomong!
Enjang                  : naon sih ah, ngaganggu wae, rek ngomongnaon emang ?
Cecep                   :jeuy kadiyeu heula aya bisnis.(bari mangkat)
Lilis                         : limah, mana indung maneh? Indung urang geus nungguan di ditu.
Limah                    : hah?
Lilis                         : jang ku urang di bawa heula nya si limahna.
Enjang                  :heeh lis,kadenya.
Cecep                   : kumah yeuh,geus jadi can jeung limah, siga nateh geus jadi euy.
Enjang                  : heeh geus jadi.
Cecep                   :widih, hebat lah enjang mah. Geus moal kuat yeuh atuh duit tea, urang pan boga janji ka maneh .
Enjang                  :jeuy nggeus cep, teu kudu, urang geus bogoh beneran ka limah na.
 Cecep                  : hoh, geuning bisa kitu jang ?
Enjang                  : teuing cep urang ajdi nyaah ka si limah euy.
Amah                    : ayang enjang ...hehe. ke mun samen nyanyi bareng amah nya, beh so sweet.
Enjang                  : ihh. nanaonan sih embung ah ngerakeun.
Emih                      : heeh jang weh, ke amah jeung enjang. Emih jeung cecep.hehe
Cecep                   :heeh bener  tah jang hayu suang duet.
Enjang                  : ah naon sih cep,hayu ah suang ka kantin lapar yeuh..!
Amah                    : jeuy ayang mah kitu tega wae ka amah teh, nya ntos atuh ahayu ah suang mangkat mih.
                 Saenggeus rapat buyar teu kahaja bi Cicih nempoeun nyi Tinah jeung limah keur leumpang duaan.
Bi  Cicih                 :eh, itu siga si ronggeng anu ateul tea lain ? geuning  jeung si limah?sahana  nya? Boa-boa anakna.
Bi Nasih                :oge neng eta teh babaturan anak urang !oh eta teh kabogoh si enjang. Wah jadi besan yeuh ceu.
Bi Cicih                  : sudi teuing aing kudu bebesanan jeung awewe ateul.
Bi Nasih                : jeuy ulah sok kitu ceu.
Bi Cicih                  : ceu ku urang dek disampeur keun heulanya.
Bi Nasih                : heeh atuh ceu urang amh rek balik.
(Bi Cicih neangna si Enjang)
           Bi Cicih langsung nyampeurkeun Nyi Tinah jeung limah anu ker nungguan anu neang.
Bi Cicih                : oh eta anak maneh teh,anu nang hasil salinkuhan jeung salaki aing teh.dasar awewe ateul.
Nyi Tinah            : geus atuh ceu anu baheula mah geus teu kudu di ungkit-ungkit deui,ayeuna mah ayeuna weh.
Enjang             : jeuy mah sabar, aya naon sabenerna iyeu teh, da enjang mah teu ngarti.
Limah              :Allhamdulillah gening mamah saren mamah na enjang teh tos alakrab.
Enjang            : jeuy ari limah, puguh keur pasea. Malah Alhamdulillah. Tos kiyeu weh ayeuna mah mah, ayeuna sok ku mamah jelaskeun ka enjang naon masalah na?
Bi Cicih           : yeuh jang , dengekeun ku maneh. Mamahna si Limah teh baheula salingkuhan na apa maneh .anu nyieun mamah jeung apa maneh pepegatan.tah ayeuna teh maneh jeung si liamh teh sa bapak.
Enjang           : Astagfirullah, anu bener eta teh mah gening apa ku tega ka mamah. Hapunten enjang mamah.
                   Teu lila  motor kang Cimin datang anu niat na rek neang  Nyi tinah jeung Limah.
Kang Ciming     : hoh geuning aya cicih ?
Bi Cicih              : ulah so reuwas kitu, urang karek nyaho si limah teh anak maneh jeung tinah kang.
Kang Ciming    : heeh geus atuh ayeuna mah ulah parasea wae. Urang suang ngahiji deui suang bareng bareng hirup deui jeung si tinah jeung akang, ngewa ari kudu pasea wae mah. Ayeuna anak urang geus galede kabeh,sok hayu gedekeun bareng-bareng.
Bi Cicih           :heeh emang nage kang, tapi ayeuna si enjang malah bobogohan jeung si limah , dua-dua nage anak maneh kang.
Kang Ciming   : geus ayeuna mah enjang putuskeun limah, da maneh duaan teh adi lanceuk, pamali.
Enjang              :enya pak, enjang ge ngarti.
Limah             :hah naon jang ? hubungan urang duaan direstuan Alhamdulillah.
Enjang           : Astagfirullah
Kang Ciming  :yeuh neng, manehh jeung enjang teh adi lanceuk jadi pamali ulah bobogohan jeung dulur.
Limah            :  eleuh apa anu bener? Urang sedih ntong nya?
Nyi Tinah      : enya neng, neng teh adi lanceukjeung enjang.
Kang Ciming    : geus ayeuna mah sok babageuran ulah sok parasea wae. Ngewa geus karolot,heeh akang sadar akang salah , ayeuna mah hayu suang gedekeun budakkeun budak anak masing-masing ceuna nepi ka sukses jeung meunangkeun jodona masing-masing.
Bi Cicih jeung Nyi Tinah   :enya akang ( bari nangkeup)
Limah jeung Enajng   :enya apa .
TAMAT








UNSUR INTRINSIk
1.TEMA   = kahirupan kaluarga
2. LATAR
·         WAKTU
                Peuting (Dicaritakeun dina hiji peuting , lumangsungna dina peuting jumaah aya hiji kulawarga anu anyaraan nikah, anu lilana karek sabulan nyaeta ceu Cicih jeung kan Ciming)
                  Isuk (Didinya maraneh na langsung ngobrol neupi ka teu inget waktu,( kong korongok )teu karasa mata poe geus moncorong di beulah wetan.)
                Beurang ( Di hiji poe,pas istirahat si enjang jeung dua sobatna nyaeta si endang jeung si cecep keur ngobrol. )
·         TEMPAT
                Warung kopi (Sabarang aprok di warung kopi tea nyi Tinah jeung kang Ciming teh jadi boga hubungan da bogoh pada bogoh.)
                Imah nyi Tinah (Nyi Tinah   : ntos a ntos didieu wae, tuh bumi Tinah katingali ani warna mpink .)
                Imah Bi cicih (Teu karasa 6 Bulan saterusna, katempo pamajikan kang Ciming keur napian beas di buruan imah bari ripuh da keur gede beuteung .)
                Sakolaan (Isukanna deui, aya acara rapat kolot murid di sakola,  sakabeh kolot murid daratang da erek ngomongkeun maslah samen tea.)
                Kelas (. pas neng Limah keur icing di kelas jeung si Lilis, Amah jeung Emih nyampereun bari ambek)
3. TOKOH
·         NYI TINAH
·         KANG CIMING
·         BI CICIH
·         BI NASIH
·         LIMAH
·         ENJANG
·         ENDANG
·         CECEP
·         LILIS
·         AMAH
·         EMIH

4. PANOKOHAN
·         NYI TINAH             = ronggeng ateul
·         KANG CIMING      = babari kagoda ku awewe
·         BI CICIH                 = bageur. Ngan babari ngambek
·         BI NASIH                = bageur
·         LIMAH                    = budeg
·         ENJANG                 = bageur
·         ENDANG                = bageur
·         CECEP                    = bageur
·          AMAH                   = galak, loba laga, jeung jendil
·         EMIH                      = sarua jeung amah. Da babaturanna
·         LILIS                        = bageur


5. ALUR   = Alur maju mundur

6. AMANAT
·         Sing sakumaha geuleuh ka jelema ulah sok nyumpahkeun. Kusabab bisi ka tulah.








Tidak ada komentar:

Posting Komentar